Ini Favoriteku Langsung ke konten utama

Informasi Terbaru

Cara Menemukan Minat dan Mengasah Bakat Pada Diri Sendiri

Oleh Kharisma Intania Banyak yang masih bingung dengan bakat dan kemampuan yang dimiliki, bakat dan kemampuan setiap orang pasti berbeda-beda. Nah, tugas kita adalah menemukan bakat dan kemampuan yang kita miliki. Bakat adalah keahlian atau kelebihan yang dimiliki oleh seseorang yang berasal dari keturunan ataupun berasal dari lahir. Bakat sendiri dipercaya sebagai hal yang paling disenangi oleh manusia karena bisa membantu manusia. Bakat erat hubungannya dengan pekerjan yang nantinya akan kita kerjakan, misalnya anda memiliki bakat bermain sepakbola, maka anda bisa menekuni sepak bola sebagai pekerjaan. Pun juga jika anda berbakat sebagai pelukis, anda bisa menjadi pelukis atau berprofesi sebagai designer. Kita sering bertanya kepada diri sendiri, apa sebenarnya bakat yang kita miliki, banyak orang merasa bosan dengan pekerjaan yang mereka kerjakan dan menganggap pekerjan yang mereka lakukan tidak sesuai bakat dan kemampuan. Meskipun, jika tidak di asah

Pengertian, Ciri, Wangun Jeung Sipat Sisindiran

Pengertian Sisindiran
Sisindiran sunda asal kecap tina sindir anu hartina nyaeta ngomong teu togmol tapi ku jalan di balibirkuen pikeun ngaragangan anu di ajak nyarita supaya ngomong urang hanteu nyentug teuing.
Sisindiran nyaeta kasenian ngareka basa nu di wangun ku cangkang jeung eusi, keur ngedalkeun maksud anu hanteu saceplakna bari di pamrih ku karesmianana

Ciri Sisindiran
  • Rima 
  • Tema
  • Padalisan 
  • Guru Wilangan 
Wangun Sisindiran
Nurutkeun Wanguna Sisindiran di bagi tilu nyaeta :
  • Paparikan
Paparikan téh nyaéta wangun sisindiran. Kecap paparikan asalna tina kecap ”parék” anu hartina ”deukeut”. Paparikan diwangun ku cangkang jeung eusi, anu padeukeut sorana, sarta murwakanti laraswekas dina unggal padalisanna. Ari jumlah padalisan dina sapadana, kudu jengkep: dua, opat, genep, dalapan, jst. Satengahna tina jumlah padalisan téh cangkangna, satengahna deui eusi. Ari réana engang dina unggal padalisan umumna dalapan engang.
Contona paparikan:
Boboko ragrag di imah
Ninggang kana pileuiteun
Mun bogoh montong ka sémah
Ari anggang sok leungiteun
Paparikan di luhur diwangun ku opat padalisan; dua cangkang, dua eusi. Padalisan kahiji dina cangkang, padeukeut sorana sarta murwakanti tungtungna jeung padalisan kahiji dina eusi. Padalisan kadua dina cangkang padeukeut sorana sarta murwakanti tungtungna jeung padalisan kadua dina eusi. Upama nilik kana eusina, paparikan bisa dipasing-pasing jadi: paparikan silihasih, paparikan piwuruk, jeung paparikan sésébréd.
Paparikan Silih Asih Paparikan silih asih nyaéta paparikan nu eusina ngeunaan silihasih, cinta, atawa birahi.
Contona:
Meuncit meri dina rakit
Boboko wadah bakatul
Lain nyeri ku panyakit
Kabogoh direbut batur
hiji deui :
Lain Bangban lain Pacing
Lain kananga kuduna
Lain babad lain tanding
Lain kadinya kuduna.
Paparikan Piwuruk: Paparikan piwuruk nyaéta paparikan nu eusina piwuruk atawa naséhat. Contona:
Ka kulah nyiar kapiting
Ngocok endog bobodasna
Ulah sok liar ti peuting
Osok loba gogodana.
Paparikan Sésébréd Paparikan sésébréd nyaéta paparikan anu eusina banyol, lulucon, jeung cawad (kritik).
Contona:
Daun hiris dibeungkeutan
Dibawa ka juru leuit.
Anu geulis ngadeukeutan
Hayangeun dibéré duit.
Sapanjang jalan Cirebon
Jalan butut diaspalan.
Sapanjang dijajah Nipon
Baju butut tatambalan.
  • Rarakitan
Rarakitan téh nyaéta salasahiji wanda sisindiran anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Éta cangkang jeung eusi téh pada papak di puhuna (mindoan kawit). Salian ti éta, antara cangkang jeung eusi téh kudu sasora sarta murwakanti engang panungtungna dina unggal padalisan (laraswekas). Tapi laraswekas dina sisindiran mah, aya kalana laraswekas anu kaselang heula, siga pacorok. Ari jumlah engangna dina unggal padalisan aya dalapan engang. Jumlah padalisan dina sapadana mangrupa bilangan jangkep; satengahna cangkang jeung satengahna deui eusi. Kiwari anu populér téh anu sapadana diwangun ku opat padalisan: dua cangkang jeung dua eusi.
Contona:
Mihapé sisir jeung minyak
Kadé kaancloman leungeun.
Mihapé pikir jeung niat
Kadé kaangsonan deungeun.
Ditilik tina eusina, rarakitan téh bisa digolongkeun kana tilu golongan, nyaéta rarakitan silihasih, rarakitan piwuruk jeung rarakitan sésébréd.
Rarakitan silihasih, nyaéta anu eusina ngeunaan silihasih, cinta, atawa birahi;
contona:
Sapanjang jalan Soréang
Moal weléh diaspalan.
Sapanjang tacan kasorang
Moal weléh diakalan.
Rarakitan piwuruk, nyaéta rarakitan anu eusina piwuruk atawa naséhat;
contona:
Sing getol nginum jamu
Nu guna nguatkeun urat.
Sing getol neangan élmu
Nu guna dunya ahérat.
Rarakitan sésébréd, nyaéta rarakitan anu eusina banyol, lulucon, atawa cawad (kritik); contona:
Rarasaan ngala mayang
Teu nyaho cangkeuteuk leuweung.
Rarasaan konéng umyang
Teu nyaho cakeutreuk hideung.
  • Wawangsalan
Wawangsalan téh nyaéta sisindiran anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Dina sindir diwangun deui ku cangkang jeung wangsal. Anu dijieun wangsalna téh tara ditétélakeun, tapi kudu ditéangan tina bagian eusi. Wangsal téh sok murwakanti jeung salah sahiji kecap anu aya dina bagian eusi téa. Nilik kana wangunna, wawangsalan téh diwangun ku dua padalisan: sapadalisan sindir, sapadalisan deui eusi. Jumlah engang dina unggal padalisan nyaéta dalapan engang.
Conto:
• Teu beunang di hurang sawa,teu beunang dipikameumeut: hartina ‘Simeut’
• Belut Sisit saba darat kapiraray siang wengi: : harti ‘ Oray’
• Teu beunang di rangkong kolong,teu beunang dipikahayang : hartina ‘Hayam’.
    Sipat Sisindiran
    Lamun ditingali dina sipatna wangung anu 3 diluhur mibanda tilu rupa sipatna nyaeta :
    • Silih Asih  : eusina kisah asmara atawa kabogohan
    • Piwuruk    : eusina nasehat ka sorangan
    • Sesebred   : eusina heureuy atawa nyinggung ka baturan

    Komentar