Oleh Kharisma Intania Banyak yang masih bingung dengan bakat dan kemampuan yang dimiliki, bakat dan kemampuan setiap orang pasti berbeda-beda. Nah, tugas kita adalah menemukan bakat dan kemampuan yang kita miliki. Bakat adalah keahlian atau kelebihan yang dimiliki oleh seseorang yang berasal dari keturunan ataupun berasal dari lahir. Bakat sendiri dipercaya sebagai hal yang paling disenangi oleh manusia karena bisa membantu manusia. Bakat erat hubungannya dengan pekerjan yang nantinya akan kita kerjakan, misalnya anda memiliki bakat bermain sepakbola, maka anda bisa menekuni sepak bola sebagai pekerjaan. Pun juga jika anda berbakat sebagai pelukis, anda bisa menjadi pelukis atau berprofesi sebagai designer. Kita sering bertanya kepada diri sendiri, apa sebenarnya bakat yang kita miliki, banyak orang merasa bosan dengan pekerjaan yang mereka kerjakan dan menganggap pekerjan yang mereka lakukan tidak sesuai bakat dan kemampuan. Meskipun, jika tidak di asah
Analisis Novél Jangji Asih karya Aam Amilia
Novel Sunda: Jangji Asih |
A. Riwayat Pangarang
Aam Amilia lahir tur gedé di Bandung. Ti umur 12 taun geus resep
tulas-tulis. Cerpénna, “Ulang Tahun”, dimuat dina Lembaran Minggu
Pikiran Rakyat. Carponna nu munggaran “Timburu” kapanggih ku Muh.
Rustandi Kartakusumah, dimuat dina Manglé keur Aam umur 16 taun.
Saterusna jadi pangarang dina dua basa. Nepi ka ayeuna, geus puluhan
bukuna nu terbit. Di antarana novel jeung kumpulan carpon dina basa
Sunda: Puputon (1979), Buron (1980), Kalajengking (1980), Panggung
Wayang (1992), Suminar (2008), Talaga Malihwarni (2012), Kembang-kembang
Anten (2014), jeung Di Antara TIlu Jaman (2016). Dina basa Indonesia:
Jago-jago Bandung Selatan (1970), Karena Kasih Sayangmu (1971), Di Ujung
Bayang-bayang (1989), Kutunggu di Bukit Bunga (2005), jsté. Novelna
Sanggeus Halimun Peuray (1992) diangkat kana film ku Dewan Film Nasional
(DFN).
Aam geus nulis sababaraha biografi guru besar, seniman, tokoh
perkebunan, tokoh pendidikan jeung jurnalistik. Kungsi ngadidik tur
ngalahirkeun welasan penulis, ngaliwatan HPPM Nurani, Manglé Rumaja,
Caraka Sundanologi, jeung Panglawungan 13. Kungsi meunang penghargaan
pikeun karya jeung jasa, ti Lembaga Basa jeung Sastra Sunda, Piagam Moh
Ambri ti PP-SS, Majalah Manglé, Sarinah, Zaman, IKAPI Jawa Barat,
Anugerah Budaya ti Gubernur Jawa Barat, jeung Anugerah Sastra ti
Institut Budaya Sunda. Kumpulan carponna Di Antara Tilu Jaman (2016)
dileler hadiah Sastra Rancagé 2017.
Kiwari masih kénéh nulis tur ngasuh rubrik “Sekelumit Romantika Kehidupan” di HU Pikiran Rakyat edisi Minggu.
Sumber: Aam Amilia. Jangji Asih. 2017. Bandung: Kiblat Buku Utama.
B. Dasar Téori
Pendekatan pragmatik nyaéta pendekatan telaah sastra anu némbongkeun
kumaha katarimana hiji karya sastra ku nu maca. Ana pon numutkeun para
ahli, définisi pendekatan pragmatik nyaéta:
1. “Pendekatan pragmatik merupakan perhatian utama terhadap peran
pembaca. Dalam kaitannya dengan salah satu teori modern yang paling
pesat perkembangannya yaitu teori resepsi” (Abram, 1958 : 14 – 21).
2. Numutkeun A. Teeuw (1994), téori pendekatan pragmatik nyaéta salah
sahiji bagian ilmu sastra anu mangrupakeun pragmatik kajian sastra anu
nitik beuratkeun dimensi pembaca salaku nu nangkep jeung nu méré makna
ka karya satra.
3. Felix Vedika (Polandia), pendekatan pragmatik mangrupakeun pendekatan
anu teu jauh béda jeung artéfak (benda mati), anu macana anu
ngahirupkeun salaku prosés konkritasi.
C. Ringkesan Carita
Tokoh utama dina novel Jangji Asih ieu téh ngaranna Asih. Miboga rupa
anu goréng tapi bageur. Manéhna hirup jeung indungna, saimah jeung uwa
jeung babaturanna. Boga tilu lanceuk lalaki tapi geus kurenan jeung
marisah jeung kolot. Katilu lanceukna mah karasép da mirip ka indungna,
ari Asih mah leuwih mirip ka bapana anu sarua goréng. Asih sakola kénéh
satingkat SMA, tegesna kelas 3 di sakola kasenian. Manéhna asup sakola
seni lantaran boga sora nu alus jeung pangaresep dina widang seni musik,
nyaéta kawih.
Kacaritakeun yén sakolana téh rék magelarkeun pintonan drama sora
‘Sangkuriang’ dina raraga ngareuah-reuah tepung taun nu bakal ditongton
ku tokoh-tokoh sa-Indonésia. Manéhna meunang tawaran pikeun jadi juru
kawih atanapi dubber peran Nyi Dayang Sumbi. Ari nu meunang peran jadi
Nyi Dayang Sumbina mah Lasmini, nyaéta babaturanna anu panggeulisna di
sakola tapi miboga sora anu goréng sabalikna ti si Asih. Ari nu meunang
peran Sangkuriangna mah nyaéta Tresna, lalaki anu dipikaresep ku si
Asih.
Konflik nu aya dina ieu novel nyaéta nalika ‘Sangkuriang’ bérés
dipéntaskeun hareupeun éks siswa Sakola Kasenian, Asih ngarasa teu
dihargaan pisan. Manéhna ningali babaturanna téh ngan ngabagéakeun
Lasmini hungkul, padahal manéhna anu nga-dubbing sorana sangkan jadi
alus téh. Katambah nalika balik ka imah, si Asih ningali yén dina brosur
pagelaran éta téh ngaran manéhna ngan ditulis maké mangsi bari
diselipkeun hungkul, malahan mah dina brosur nu lianna mah euweuh ngaran
manéhna. Alatan kitu manéhna jadi nyeri haté pisan nepi ka embung jadi
ngilu ilubiung dina pagelaran éta.
Geus dipénta ku sababaraha jalma, boh ku guru-guru nepi ka diréktur ogé
tetep teu bisa ngarobah haténa améh daék maén deui dina éta pagelaran.
Asih kanyenyerian kénéh ku asa teu dihargaanna manéhna dina éta
pagelaran. Diolo ku Tresna, lalaki anu dipikaresep ku manéhna ogé angger
mugen. Tapi tungtungna mah manéhna daékeun ogé, pédah manéhna nyaah ka
Tresna. Asih embung ningali Tresna dicarékan ku guru-guru jeung nu
lianna.
D. Analisis
Jejer anu diangkat dina novél ieu nyaéta katulusan cinta jeung étika di
dunia seni. Pangarang dina novel ieu hayang nepikeun pesan ngeunaan
cinta anu suci, nyaéta cinta anu teu ngarepkeun balesan, cinta anu teu
kudu dipikanayaho ku batur, cinta anu ngabutuhkeun pengorbanan. Aam
Amilia ogé hanyang nekenkeun yén nu ngaranna seniman kudu bisa
ngaprésiasi seniman nu séjén, teu meunang aya nu diapi lainkeun. Najan
urang kudu jalma anu tulus dina ngalakonan sagala pagawéan di ieu
kahirupan, tapi lain harti urang meunang nyapirakeun batur ku
jasa-jasana, rék peran sakumaha leutikna ogé.
Pangarang ogé ku cara teu langsung rada nyindir kapitalisme. Ayeuna
jalma dina ngalakonan kahirupan téh geus remen ku pamaksudan pikeun
meunang kauntungan. Lolobana jalma geus leungiteun idéalisme. Anu jadi
pipikiran jeung cecepengan téh lain kumaha prinsip jeung prosésna, tapi
nekenkeun hasil anu hadé jeung kauntungan anu dimeunangkeun. Ciga
solokan saat anu dicaritakeun dina awal carita.
Intina nyaéta pangarang hayang nekenkeun masalah aprésiasi jeung
toléransi. Sakumaha goréngna sikep batur ka urang, urang mah kudu tetep
soméah jeung profésional. Panceg dina galur, da hirup mah lain nu urang
jeung lain kumaha urang, tapi kumaha engké saenggeus kahirupan gumantung
ka kumaha urang ngalakonan kahirupan nu ayeuna.
Ari jelema mah da sakumaha loba urang nyieun kahadéan, tetep nu babari
kaingetna mah nyaéta nalika urang nyieun kagoréngan. Béda jeung Gusti Nu
Maha Adil, sakumaha loba urang nyieun kagoréngan, pasti dihampura lamun
urang bener-bener tulus jeung daék diajar tinu kasalahan.
Loba nu nganggap yén cinta téh butuh pengorbanan, saluyu jeung nu
dicaritakeun tur ditekenkeun ku pangarang dina carita ieu. Tapi kuring
teu sapanuju, sabab perjuangan dina nunaikeun maksud cinta mah lain
mangrupakeun pengorbanan, tapi kahormatan.
Kuring kataji ku tangkal anu dicaritakeun dina novél ieu. Aya pesen anu
teu sacara langsung ditepikeun ku pangarang. Kuring
ngaréprésentasikeunna saluyu jeung katulusan. Beuki tumbuh manéhna beuki
bisa ngaiyuhan jalma ogé sasatoan nu aya dihandapeunna, padahal manéhna
mah beunang langsung ku panon poé anu panas méncrang. Manéhna gé tara
ngeluh sanajan daun-daunna kudu maruragan, malahan mah tuluy numbuhkeun
deui daun-daun anyar pikeun jadi pelindung tinu kapanasan jeung ngarobah
karbondioksida jadi oksigén pikeun kabutuhan kahirupan manusa.
Tapi kuring ngarasa pesen katulusan anu hayang ditepikeun ku pangarang
jadi kurang pédah dicaritakeun si Asih téh hayang némbongkeun yén
manéhna boga haté anu wening. Ari jalma nu miboga haté wening mah kuduna
teu paduli batur nganggap manéhna alus atau goréng, lamun aya niatan
kitu mah cendrung kana dendam jeung faktor égoisme.
Dina novél ieu, pangarang ogé loba teuing némbongkeun kanyeri nu
dirasakeun tokoh utama. Anu masalahna mah sabenerna ngan hiji, tapi loba
teuing diulang. Nu geus kahatéan téh ngadon jadi bosen pédah
terus-terusan disebutkeun kanyeri anu éta-éta kénéh. Henteu salah ogé
teu goréng, ngan dinamika émosina jadi kurang.
Tungtung carita karasa ngagantung, aya kénéh masalah-masalah anu can
kajawab. Naha dihaja atawa henteu, tapi kuring ngalebarkeun panutupan
ieu novél anu masih bisa leuwih alus deui. Ceuk kuring mah pangarang
buru-buru teuing dina nganggeuskeun ieu carita.
*Tulisan ini disusun untuk memenuhi tugas mata kuliah Telaah Sastra.
Komentar
Posting Komentar